Kehidupanku

Kamis, 10 Maret 2016

SASAKALA PALABUANRATU



`SASAKALA    PALABUANRATU

Palabuhanratu ngadeg sabada Pakuan Pajajaran ancur lebur digempur ku musuh. Ari nu jadi musuhna nya éta karajaan Banten. Anu harita mah disebutna téh Surasowan. Pajajaran teu bisa ngayonan musuh, lantaran musuhna kawilang tanggoh tur dibantuan ku nagara tatanggana, nya éta Demak jeung Cirebon.
Waktu perang campuh, salah sahiji  putri  Raja Pajajaran nyatana  Nyai Putri Purnamasari  maju  jurit megat musuh  ti belah kidul, dibarengan ku carogéna Radén Kumbang Bagus Sétra jeung salah sahiji Manggala Sakti Pajajaran nu jenengan Rakéan Kalang Sunda.
            Musuh nu dilawan henteu saimbang. Nyai Putri Purnamasari, Radén Kumbang Bagus Sétra, Rakéan Kalang Sunda katut balad-baladna katétér. Maranéhna mundur ka belah kidul. Asalna mundur ka Rancah Maya. Terus mapay-mapay leuweung bari ngaleungitkeun salasah sangkan teu kasusud ku musuh.
 Balad-balad Nyai Putri Purnamasari mingkin ngurangan. Aya anu nemahan pati waktu ngayonan musuh, aya kaserang rupaning panyakit, aya ogé mabur ti pangperangan. Tungtungna Nyai  Putri ngan dibarengan ku Radén Bagus Sétra  jeung  Rakéan Kalang Sunda.
Lalampahanana nepi  ka hiji lamping pasir nu kacida bunina. Terus rareureuh heula di dinya. Bakating ku cape,  Nyai Putri Purnamasari ngalungsar handapeun tangkal. Mastakana ditumpangkeun kana akar kai nu ngajolor dugi ka kulemna tibra pisan. Kitu deui, Radén Bagus Sétra. Rakéan Kalang Sunda mah henteu kulem. Anjeunnna  tetep taki-taki bari mulungan buah kiara, inggis musuh nyusul ka lebah dinya.
            Teu méngpar tina sangkaan,  ti kajauhan katempo aleutan musuh. Pamingpinna tumpak kuda ngaranna Jaya Antéa. Baheulana Jaya Antéa téh Mantri Jurit Pajajaran. Ngan, hanjakal biluk ka musuh. Alatanana teu laksana ngadahup ka Nyi Putri Purnamasari, nu ditikahkeun ka Radén Bagus Sétra. Jaya Antéa ngunek-ngunek tur nyieun kaributan di Pajajaran, nepi ka dieureunkeun  tina Mantri Majetina sarta  diusir ti Pajajaran.
            Ku lantaran musuh beuki deukeut, gancang Rakéan Kalang Sunda ngagugahkeun nu keur kulem.. Barang rét ka palebah musuh, nyatana Jaya Antéa, amarah Nyi Putri katut carogéna ngagedur  hoyong tarung patutunggalan. Ku Rakean Kalang Sunda  dihalangan tur dilelemu, sabab lawanna henteu saimbang, tiluan kudu ngalawan 53 urang. Sanggeus amarahna leler, Nyai Putri ngajeuwang panangan carogéna, diajak lumpat nyingkahan musuh. Rakéan Kalang Sunda nuturkeun  bari ngaleungitkeun sakur tapak-tapak sangkan teu kasusud ku musuh.  
            Jaya Antéa néangan Nyai Putri aya kana dua bulanna. Taya leuweung nu kaasruk, taya tegal nu teu kapapay. Kitu deui, léngkob, reuma, jeung lamping. Kabéh dipapay taliti pisan.  Balad-baladna mingkin ngurangan, tungtungna tinggal nyorangan. Sanajan kitu, tetep teuneung ludeung, taya kagimir.
            Hiji mangsa lalampahan Jaya Antéa nepi ka hiji saung. Ti kajauhan   katempo aya istri. Sanggeus ditelek-telek, tétéla  geuning éta istri téh Nyai Putri Purnamasari. Jaya Antéa bungah pisan, terus keketeyepan  ngadeukeutan. Nyai  Putri. Barang geus deukeut, Jaya Antéa taki-taki rék ngarontok. Gajleng luncat,  hanjakal Nyai Putri nyingcet bari ngagorowok.    Rakéan Kalang Sunda jeung Radén Bagus Kumbang Sétra nu keur ngala iwung di tonggoheun saung, kacida  reuwaseunana. Barang katempo aya  Jaya  Antéa lebah dinya, amarah Radén Kumbang ngagedur. Kitu deui, Jaya Antéa. Der baé tarung patutunggalan. Itu ieu pada gagah. Duanana taya nu kasoran. Tarungna ragot pisan , silihgitik, silihpiting, jeung silihbanting.
            Waktu  paséa rongkah, aya kajadian ahéng. Harita, Nalika Radén Kumbang rék nyépak Jaya Antéa nu sasampoyongan, ngadadak  jagat oyag.  Bray taneuh beulah palebah Radén Kumbang.  Radén Kumbang tigebrus kana beulahan taneuh nu jero pisan  nepi ka palastrana. Jaya Antéa mah salamet. Terus néangan  Nyai Putri deui, nu kabur disalametkeun Rakéan Kalang Sunda ka Gunung Reuma.
            Nyai Putri Purnamasari mimitina mah nyalahkeun Rakéan Kalang Sunda, nu milih kabur nyalametkeun dirina tibatan ngabantuan   carogéna. Sanggeus ditétélakeun alesanana, yén kabur téh pikeun nyalametkeun jabang bayi nu aya dina patuangan Nyai Putri, nu jagana bakal nanjeurkeun  deui Pajajaran, kakara Nyai  Putri ngarti.  Duanana neruskeun lalampahan nepi hiji palataran kiduleun walungan gedé. Kiwari mah éta walungan téh disebutna Cimandiri. Ku lantaran éta palataran pinuh ku tangkal dadap minyak, nya disebut babakan Cidadap, kiwari nelah lembur Cidadap.
            Hiji mangsa lalampahan Jaya Antéa nepi ka babakan Cidadap. Harita Nyai Putri Purnamasari keur ngadaweung di tepas hiji imah. Jaya Antéa ngagedig ngadeukeutan. Nyai Putri  lumpat,  sup ka jero imah, sorolok panto ditulakan  pageuh pisan. Rakéan Kalang Sunda kacida reuwasna basa ngadangu Nyai Putri ngajerit. Komo barang nempo Jaya Antéa rék unggah katepas. Teu antaparah dibabuk ku aseuk. Der tarung ragot pisan. Kakuatanana  imbang pisan. Tarungna nepi ka meuntas ka kaléreun walungan Cimandiri, terus hanjat ka hiji gunung nu kiwari disebut Gunung Jayanti. Lebah dinya kujang Rakéan ragrag tur jadi arca Sembah Jaya Tipati.
Nu tarung téh nepi ka lebah Karang Pamulang ayeuna. Jaya Antéa beuki lila, beuki katétér. Waktu bongoh,  ditotogkeun ka laut. Barang gejebur kana cai, salin jinis jadi lauk anu kacida gedéna.  Cenah, ieu lauk mangsa kiwari ogé sok némbongan. Ku urang Palabuhanratu lauk éta téh disebutna Si Kontrol.
            Lembur babakan Cidadap beuki maju. Nyai Putri ngababarkeun. Orokna dingaranan Nyai Putri Mayang Sagara Pamulangan. Ari Rakéan Kalang Sunda mah terus ngalalana duka ka mana.
 Dalapan taun ti diadegkeun Babakan Cidadap, Nyai Putri diistrénan janten Ratu Puun. Éta wewengkon disebutna Cidadap Palabuhan Nyai Ratu. Saparantos Nyai Putri sepuh kalungguhan dipasrahkeun ka Nyai Ratu Mayang  Sagara. Anjeunna dipasihan gelar Nyai Ratu Kidul. Dina mangsa Nyai Putri Mayang Sagara nyepeng kakawasaan, lembur téh dipindahkeun ka Palabuhanratu kiwari. Harita mah disebatna téh Palabuhan Nyai Ratu Pakuan Pajajaran Mandiri. Ka dieunakeun  leuwih dipikawanoh Palabuhanratu. 







0 komentar:

Posting Komentar